Sabtu, 30 Mei 2009

sajak-sajak panglawungan guru

Di Sisi Langit Rabig

Jalan tarahal luhur handap
garinjul batu, ngosehna patali marga
halimun umbuk-umbukan
nyukangan ka indung peuting

Ka langit ukur salengkah
paranti ngapungkeun cita-cita
sarakan di awang-awang
naha aya nu leuwih parna?

Di dieu kuring begalan pati
jeung alak paulna jalan
jeung panonpoe mangsa mentrangan
jeung hujan dina keresa-Na

Di dieu kuring pageuh ngabakti
ka lemah cai nu asri
ngatik ku kaikhalasan diri
nyaangkeun langit nu anggang datang

Di sisi langit nu rabig
harepan ligar taya kendatna
Di sisi langit rabig
ngabdi, tingtrim ngadalingding

Kuningan, Juni 2009
sajak OZ QWARTIN
(sungkemeun ka Kang Ayi, ketua PGRI Cabang Cilebak)


Langit Jakarta

Tanggah di Senayan
ditiung koran handapeun langit bayeungyang
mindoan lampah katukang, demi anak bangsa
Bajoang!

Kuring kapaksa datang
jeung pangharepan wadia balad pohara
samakta pangabisa, rebo kanyaho
ngageuing para guriang.

Boa inohong angger darengdek
di padumukan nu salawasna bener
sora urang hawar-hawar
ukur aweuhan.

Angin kamarudahan awor jeung heabna metropolitan
naha andika angger mengpar?
Kuring teu rumasa,
ngatik kabalingeran

Langit Jakarta, langit urang
bayeungyang Jakarta, bayeungyang sarerea
Naha mupusti katideresa?
Terus bajoang!

Samagaha di bale rahayat
sarebu panalek pagaliwota
nimpalan sora rupa-rupa waditra
Naha aya pamingpin tigin ka jangji?

Tanggah di Senayan
ditiung koran handapeun langit kaangkuhan
ngatik anak bangsa, miharep kadariaan
dunya atikan urang.


Kuningan, Juni 2009
sajak OZ QWARTIN
(sungkemeun ka bapa/ibu Guru nu ngiring Demo ka Jakarta 2006.
Kumaha wartosna, parantos lulus sertifikasina?)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar